Pantun Sunda (Bagian 9)

Diposting pada

Suku Sunda banyak berada di Provinsi Jawa Barat, Provinsi Banten, Jakarta, Lampung dan wilayah barat Jawa Tengah.

Wilayah Urang sunda juga disebut Tatar Pasundan.

Suku ini mempunyai kebudayaan dan sastra sendiri. Mereka mempunyai kebiasaan dan adat yang dijaga turun temurun.

Salah satunya adalah Pantun Sunda atau Sisindiran Sunda.

Orang Sunda banyak bermukim di: Kabupaten Bandung Soreang, Kabupaten Bandung Barat Ngamprah,

Kabupaten Bekasi Cikarang, Kabupaten Bogor Cibinong, Kabupaten Ciamis,

Kabupaten Cianjur, Kabupaten Cirebon Sumber, Kabupaten Garut Tarogong Kidul, Kabupaten Indramayu,

Kabupaten Karawang, Kabupaten Kuningan, Kabupaten Majalengka, Kabupaten Pangandaran Parigi,

Kabupaten Purwakarta, Kabupaten Subang, Kabupaten Sukabumi Pelabuhanratu, Kabupaten Sumedang,

Kabupaten Tasikmalaya Singaparna, Kota Bandung, Kota Banjar, Kota Bekasi, Kota Bogor,

Kota Cimahi, Kota Cirebon, Kota Depok, Kota Sukabumi, Kota Tasikmalaya, Kabupaten Lebak – Rangkasbitung,

Kabupaten Pandeglang, Kabupaten Serang – Ciruas, Kabupaten Tangerang – Tigaraksa,

Kota Cilegon, Kota Serang, Kota Tangerang, Kota Tangerang Selatan.

Berikut adalah kumpulan beberapa Pantun Sunda atau Sisindiran Sunda, yang dilantunkan dalam bahasa Sunda:

Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur

Cau dijero bungkusan
cangkang cau meuni rujit
baheula mah nyaah pisan
ngan ayeuna malik ijid

Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
lamun hadé rumawatna

Aya jalma gampang pundung
sikep pundung kudu dipiceun
kaduhung matak kaduhung
kapungkur bogoh ka anjeun

Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana

Hayu urang bareng ngecrik
ulah poho mawa emberna
kunaong mang ceurik
hayang nyusu ka nini na

Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan
Béak taun béak windu
moal weleh dileukeunan

Itu saha nungtun munding
digantélan saputangan
Itu saha ginding teuing
singhoréng geuning jungjunan

Kamana ngaitkeun kincir
ka kalér katojo bulan
Kamana ngaitkeun pikir
moal palér ku sabulan

Samping kebat dilelepe
samping poleng digulung deui
kuring lepat nya mepende
sing horeng indung si nyai

Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
ari balik sok leungiteun

Bubuy bulan sangray béntang
panonpoé disasaté
unggal bulan abdi téang
unggal poé ogé hade

Carulang dipahpal kuda
héjo deui héjo deui
Rék mulang samar kaduga
nénjo deui nénjo deui

És lilin buatan Bandung
dicandak ka Cipaganti
abdi isin bararingung
sok inggis henteu ngajadi

Itikurih Béntang Sinar
maén di lapang Cicéndo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nénjo