Suku Sunda banyak berada di Provinsi Jawa Barat, Provinsi Banten, Jakarta, Lampung dan wilayah barat Jawa Tengah.
Wilayah Urang sunda juga disebut Tatar Pasundan.
Suku ini mempunyai kebudayaan dan sastra sendiri. Mereka mempunyai kebiasaan dan adat yang dijaga turun temurun.
Salah satunya adalah Pantun Sunda atau Sisindiran Sunda.
Orang Sunda banyak bermukim di: Kabupaten Bandung Soreang, Kabupaten Bandung Barat Ngamprah,
Kabupaten Bekasi Cikarang, Kabupaten Bogor Cibinong, Kabupaten Ciamis,
Kabupaten Cianjur, Kabupaten Cirebon Sumber, Kabupaten Garut Tarogong Kidul, Kabupaten Indramayu,
Kabupaten Karawang, Kabupaten Kuningan, Kabupaten Majalengka, Kabupaten Pangandaran Parigi,
Kabupaten Purwakarta, Kabupaten Subang, Kabupaten Sukabumi Pelabuhanratu, Kabupaten Sumedang,
Kabupaten Tasikmalaya Singaparna, Kota Bandung, Kota Banjar, Kota Bekasi, Kota Bogor,
Kota Cimahi, Kota Cirebon, Kota Depok, Kota Sukabumi, Kota Tasikmalaya, Kabupaten Lebak – Rangkasbitung,
Kabupaten Pandeglang, Kabupaten Serang – Ciruas, Kabupaten Tangerang – Tigaraksa,
Kota Cilegon, Kota Serang, Kota Tangerang, Kota Tangerang Selatan.
Berikut adalah kumpulan beberapa Pantun Sunda atau Sisindiran Sunda, yang dilantunkan dalam bahasa Sunda:
Kaleuweung bade melak tomat
disarengngan ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti solat
Ngimpi ngajul kembang tanjung
ngimpi ngala nagasari
Ngimpi tepung jeung nu jangkung
tara-tara ti sasari
Aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya
Salawe duapuluh lima
mobil sedan cetna hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dangdan teu bisa ngejo
Pileuleuyan daun pulus
kararas daun katimpang
Pileuleuyan ulah tulus
masing ras ka nu di tukang
Aya jalma teu boga banda
sadayana tos dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang bet mopohokeun
Reundeu beureum reundeu hideung
reundeu kayas solempangan
Beuki heubeul beuki nineung
beuki lawas kaédanan
Ulin ka laut banda
naha jadi nalangsa
kuring teh urang sunda
kuring nyaah kana basa
Samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunana
Abdi nineung ka nu balik
kumaha nuturkeunana
Di kebon sato aya panda
panda ngahakan kangkung
budayakeun budaya sunda
bilih lapur kawas angklung
Talingtung talina benang
mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
moal eureun disuratan
Aya tempe nuju dibaceum
ngadamel tempe nepi ka lieur
abdi aya hate ka anjeun
naha anjeun ngabalieur
Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
éndahna kabina-bina
Payun bumi meuni barala
bumi kosong taya nu gaduh na
mikacinta ti baheula
mugi leres aya jodo na
Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing émut ka diri abdi